Halaman

Kamis, 16 April 2020

rundayan silsilah Nabi Muhammad SAW


“ RUNDAYAN NASHAB KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW 
TI  JIHAD RAMA NA 
1.     Wajib ka jalmi Islam na
Uninga rundayan nana
2.   Jeung Nabi Utusan Allah
Muhammad putra Abdullah
3.   Abdullah putra Muthalib
Muthalib putrana Hasyim
4.   Hasyim putra Abdi Manaf
Abdi Manaf putra Qushoy
5.   Qushoy putrana Kilab
Kilab putrana Muroh
6.   Muroh putrana Ka’ab
Ka’ab putrana Luay
7.   Luay putrana Gholib
Gholib putrana Fihir
8.   Fihir putrana Malik
Malik putrana Nadzor
9.   Nadzor putra Kinanah
Kinanah putra Khuzaimah
10. Khuzaimah putra Mudrikah
Mudrikah putrana Ilyas
11.   Ilyas putrana Mudzor
Mudzor putrana Nizar
12. Nizar putra Ma’ad
Ma’ad putrana Adnan
13. Nu Wajib dugika Adnan
Haram nguningakeun nana
14. Ti Adnan dugika Adam
Sabab taya Jalan Soheh………..2*

“RUNDAYAN NASHAB KANGJENG NABI MUHAMMAD SAW
TI  JIHAD IBUNDA NA ”
1.     Wajib deui uningana
Rundayan na ti Ibudana
2.   Jeung Nabi Utusan Allah
Muhammad putra Aminah
3.   Aminah putrana Wahab
Wahab putra Abdi Manaf
4.   Abdi Manaf putrana Zuhroh
Zuhroh putrana Kilab
5.   Tepang deui jeung Rama na
Ti Kilab Jangkawarengna
6.   Jadi Ibu jeung Rama na
Masih keneh sarundayan………..2*


Tidak ada komentar:

Posting Komentar